Selasa, 28 April 2015

Contoh Pidato Sunda

Contoh teks pidato Bahasa Sunda dengan tema "Maulid Nabi Muhammad"

             Maulid Nabi Muhammad SAW

Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh
      Langkung tiapayun sumangga urang sanggakeun puji ka zat illahi rabbi,sagala puj.a ka Allah azza wajala.Margi berkat rahmat jeung karunia ti anjeunna urang tiasa patepung di tempat ieu dina kaayaan sehat walafiat.Sholawat sinareng salam mugia salawasna disanggakeun kajungjungan urang sadaya nyaeta Habibana wanabiyana warasulana Muhammad SAW.Teu hilap ka kulawargina,sahabatna,tabiit-tabiatna sareng urang sadaya salku umatna.
      Bapak/Ibu nu kusimkuring dipihormat sareng rekan-rekan anu  ku simkuring dipikanyaah.Mudah-mudahan ku ayana acara ie urang tiasa kenging syafaa't ti kanjeng Nabi Muhammad SAW.Sakumaha anu parantos uninga yen dina bulan rabiul awwal teh babar na Nabi Muhammad SAW.
      Nabi Muhammad lahir ka dunya dina kaayaaan yatim.Ramana ngantunkeun waktos anjeuna yuswa 5 bulan dina kandungan indungna.Waktu orok disusuan ku Halimatu Sya'diyah nepi ka umur 5 tahun.Anjeuna oge sok diajak dagang ku amangna Abdul Muthalib.Dina yuswa 40 tahun anjeuna diangkat jadi nabi sareng dipasihan tugas nyebarkeun agama islam.Dina nyebarkeun agama islam,anjeuna diganggu wae ku kaum yahudi atawa kaum Quraisy diantara Abu Jahal,Abu Lahab jeung loba sajabana.
       Nabi Muhammad oge teu nyalira nyebarkeunnana,tapi dibantuan ku para sahabat nyaeta  Abu Bakar As-shidiq,Usman Bin Affan,Umar Bin Khatab,sareng Ali bin Abi Thalib anu satia ngabantuan nepi ka anjeunna wafat dina yuswa 63.
        Bapak Ibu anu kusimkuring dipihormat.Nabi muhammad teh sifat anu sae nyaeta sifat amanah anu artina teh tiasa dipercanteun ,fathonah anu pinter,tabligh anu nepikeun,sareng shidiq anu bener.
        Opat sifat eta kudu diturutan ku urang sadaya sangkan tiasa hirup tenang tur bungah. Kumargi Rasullullah teh nyaeta suri tauladan anu sae.Rupina pidato ti sim kuring cekap sakitu.
Hapunteun bilih aya kecap anu lepat.Hatur nuhun kana perhatosanana.

      Waassalamua'alaikum wr.wb






Terimakasih~
Komen yaws >.<